Selasa, 16 Maret 2010

UPACARA ADAT PERNIKAHAN SUNDA

UPACARA
ADAT PERKAWINAN SUNDA


D
I
S
U
S
U
N


KU:

MANG BECUS




















Upara Adat Panganten Sunda
Upacara adat ieu sanes mangrupi hiji upacara keagamaan, nanging salah sahiji budaya sunda warisan jaman baheula, ti para luluhur Pajajaran nu aya di Tatar Sunda/ Pasundan ( Jawa Barat ), hal ieu mangrupa kakayaan budaya Indonesia

Mapag Panganten (Menjemput Penganten)
1. Gamelan Kebo jiro / Sangkakala
Mangrupa bewara keur balarea yen panganten anu lalaki sareng sadaya nu jajap tos dongkap, panganten sareng sadaya nu jajap diandeg/ ditahan dipanyaweran/ di lawang pamor. Si Lengser midang/ lumampah, di tuturkeun kupamayung, diiring ku para mojang/ mamayang, dikawal ku para ponggawa seja mapag panganten dilawang pamor.

Narasi/ Sesepuh:

Demi mangsa !
Satemena hirup teh geus mapasangan ringkangna
Mungguh beurang, jeung caangna!
Mungguh peuting jeung weningna!
Mungguh lahir jeung batinna!
Eusian ieu ringkang mapasangan, ku amal kamulyaan !
Saperti, kecap welas asih, jeung asihna, langgeng abadi!
Saperti pancen rabi ti Illahi
Habluminanas………….., insan jeung insana
Habluminallah…………., Insan ka Allahna !
Pon kitu deui,
Dina ringkang kamanusaan
Aya asih ti sanubari
Aya rasa duriat manjang na mangsa
Tapel adam, tapel lahir, tapel batin !
Anteb ! rabi jatukrami.
Jung…………. geura nararikah !
Insan insan anu nyorangan, jeung papada insan
Anu layak kararawin, ti insan papada insan !
Anu lalaki jeung wanoja !
Upamana manehna walurat
Gusti Allah, baris ngaganjar pirang pirang kabagjaan
Mantena Allah, nu maha jembar, kinasihannana
Mantena Allah ! maha uninga, Aaaaaaaaaamin
2. Pangbagea ti ibu rama panganten istri ( ku narasi / sesepuh dipirig ku kacapi )

Narasi/ Sesepuh:
Bagja temen, mulya temen anakiiiiiiiiiiiiiiiing
Nunuuuuuuuuuuuun ………. Wilujeng rawuh
Dianti anti kamari, dilanglangan kasimpangan
Ditalungtik kanu indit sugan geus ngembaran beja
Anu kasep satuhu !
Nuuuuuuuuuuuun …… satuhuu !
Dipapag antayan mojang, diibingan digendingan
Disoran rampak tembang, haturan anaking
Dipayungan payung tangtung
Sumangga anakiiiiiiiiiiiing , geura ngalinjiiiiiiing………… !
Wuuuuuuuuuur ………….., kembang kaheman
Wuuuuuuuuuur ………….., wangi kasturi
Wuuuuuuuuuur ………….., malati asih
Wuuur …..., Wuuur …….., ahuuuuuuuung………………………….
(.gamelan rampak digederkeun) teras Kebo Jiro
(Suling digelikeun 2X, Gamelan bareng digederkeun, ditema kacapi suling dina lagu……….., si Lengser , di tuturkeun kupamayung, diiring ku para mamayang, dikawal ku para pongawa, panganten sareng sadaya nu jajap diiringkeun kapayuneun ibu rama panganten istri nu nuju ngantosan.
Lagu : Aling aling sanubari, Alang alang nya kasmaran
Katedak mandawa ringkang, Ringkang tedak pangantenan
……..Instrumen 1X gong ……………
Mapayna manjang aleutan, Sinanglingan wawangian
Raksukanna karaseman, Pinitan jang pangantenan
….instr ……3X gong, laguna ku suling …
Reff : Dipapag jajaran mojang, Diawuran wawangian.
Haturan jeung pinilihan, Haturan salira engkang
………..Instrumen 1X gong …………
Aleutan mojang pingitan, Nanggeuy baki sinanglingan
Eusina kancana heman, Kasima kapangantenan
……..Instrumen 3X gong ………
Umbul umbul nawaetu, Warna warni narik ati
Kasajagat kasantana, Kasima kapangantenan
……………..Instrumen 1X gong ……………
Dipapag jajaran mojang, Diawuran wawangian
Haturan jeung pinilihan, Haturan salira engkang
( instrumen 2X gong, teras gamelan digederkeun )
Narasi/
Sesepuh biantara :
Deg… , Randeg di pangadeg !!!
Sawangan kahayang, geus narawangan.
Didieu tutug rahayu! didieu gilig rabi !
Wawanen ebreh
Umbul umbul nawaetu, mancuh saestu !
Warna, warni pulasna.
Mareng jeung warnaning ati, lir…., katumbiri !
Tuh ……. paul diditu, ngebreh dina hate.
Jungnunan….,
Hayu… ! urang geus deukeut, geus meumeut, tug kajucung
Hayu… ! dibale nyungcung, urang beungkeut ……..!!!
Bismillahirrohmannirrohim…………………..
3. Kalung kemben, sungkem, seserahan, sawer panganten, meuleum harupat, nincak endog, buka pintu, huap linkung sareng hiburan nana.

3.1. Kalung Kemben
Lagu :

Istri : Bagea……. wilujeng rawuh… , Anaking sumangga linggiiiiiiiih
Pmg : Ulah kasmaran, mangga niatan, ngambah tangga…… kabagjaan

Rs(Pa/Pi) : Manjing rabi, manjing suci
Manjang gelar tuturunan
Mapasangan sauyunan
Welas asih salawasna
Munggaran amparan lambak
Laun laun nyiram lambak
Ngabandaan keur budaya
Harta banda rumah tangga
Dalingding wangi malati
Nu rebak mayakpak bodas
Nu disaur ku duaan
Tuda keun kaduaan
Payung tangtung nawaetu
Kayuna garing rimbitan
Poma ulah kasamaran
Rasaan diri sorangan

Narasi/ Sesepuh :
Cag…. ringkang dilawang pamor, awor mapasangan.
Antara anu tandang jeung anu nganti
Cag….. garana heula ieu pangbagea
Riwayahna tampi kuasihna
Kalung kemben, kaheman

Panganten anu lalaki dicangcang ku kemben/ karembong (selendang ) rantayan kembang malati



Narasl :
Cag….. garana heula ieu pangbagea
Riwayahna tampi kuasihna
Kalung kemben, kaheman
As Istri : Rum nya arum
wangi pilih wangi
nyambuang …….. nyambuang
kembang kabagjan kaheman
wilangan kalimah Allah
pastina sungkeman iman

………..Gamelan digederkeun……….
Rs : Rum…… arum, Rum…..arum, Rum….arum

As. Pmg : Reana satangtung nu ngalulut kana kalbu
Minangka tedak sarasa, mapasangan
Sumangga angseuh saseuseup meuneut
Tampi galih sanubari

………..Gamelan digederkeun……….
Rs : Rum…… arum, Rum…..arum, Rum….arum

Teras dikongkorongan/ dikalungan ku mangle (untaian bunga melati ) oleh ibu ramana, rengse dikalungan, penganten lalaki sungkem/ sembah sujud ka sepuh sepuh, “utamina ibu rama” ( dipirig ku lagu Tepang asih gendingna Catrik )
Lagu Tepang Asih

Tepang asih , tepang asih
Tepang geura ku kabungah
Manjing sekar pang wilujeng
Wilujeng ka anu lenggah

Tepang asih , tepang asih
Tepang geura ku kabungah
Sumangga sing raos lenggah
Sumangga sing raos manah
Reff :
Tepung liwung, ngahariring
Ngahariring mun digending
Mugi bagja sadayana
Waluya salalamina
------------------------------------ Instr ------------------------
5
Tepang asih , tepang asih
Tepang geura ku kabungah
Nyanding sekar pangwilujeng
Wilujeng ka anu lenggah

Tepang asih , tepang asih
Tepang geura ku kabungah
Sumangga sing raos lenggah 2X
Sumangga sing raos manah

Reff :
Gempung riung ngahariring
Ngahariring mun digending
Mugi bagja sadayana
Waluya salalamina
---------------- kenbali ke awal ----------------------------

3.2. Sawer Panganten
( diiringi lagu Catrik sawilet 2X gong naek 2 wilet, saterusna ku Catrik 2 wilet)

Narasi/ Sesepuh :
Rengse upacara akad nikah sareng kalung kemben mangga urang teraskeun kana acara Sawer panganten, Meuleum harupat, Nincak endog, Buka pintu, huap linbkung sareng sajabina anu engkena diteraskeun kana acara hiburan.
RS : Jung… nanjung ……….,
Jung … nanjung ……….,
Jung …nanjung ……….,
Jung …nanjung ………..,
Mugi……..Gusti………nangtayungan.

Wur … nanjung…………..,
Wur … nanjung…….…….,
Wur … nanjung…………..,
Wur … nanjung…………..,
Mugi ….gusti …… nangtayungan

(…………..Instr teras digederkeun………………)

Narasi/ sesepuh ngarajah dilagukeun anu eusina mangrupa piwuruk/ wejangan dina enggoning ngambah sagara rumah tangga, sangkan ayem tengtrem pinanggih sareng kabagjaan didunya rawuh aherat.

6
Lagu :
Pameget : Balungbung jalan rahayu, ngembat jalan ngararabi
Balungbung jalan rahayu, ngembat jalan ngararabi
Awalna nyatepung rasa, masket asih lahir batin
Dipatri ku akad nikah, tingtrim asih laki rabi
Istr : Hidep ginanjaran bagja, Tepung rabi jatuk….. rami
Nu ka ungkara carita, Natrat dina rumah tangga
Jimatna ngan welas asih, Antara hidep duaan, ieung…..
Poma lali kana pawit,Eunteup teuteup tepung rasa,
Dumeling asih mandi…..ri, Ngancik asih pahang pati
Pameget : Mungguh tuturus lumaku
Eunteungan diri pribadi
Lamun papanggih cocoba
Mangsana deukeut, anggang wiwilangan
Kudu meruhkeun ka nafsu
Poma masing nyasatuhu
Dipindingan iman Islam
Jauhan sipat takabur
Nu ngancik ngan welas asih
Eta bebentengna rabi
Istri : Ayeuna nya nawaetu
Ku asma…..na Illahi
Bismillahna jait janglar
Rahman rahim nu dipamrih
Ngambah hirup rumah tangga
Kenging rahmat ti hyang widi
Tumut ka papagah sepuh
Tawisna hidep mupusti
Kunci gedong kabajaan
Aya disepuh utami
Pundut mah anggur do’ana
Sangkan mulus laki rabi
Pameget : Hidep cunduk kana waktu,
Boga kabeungbeurat ati
Nyatana bojo utama, eulis pinilihan hate
Sing bisa mulasarana, sangkan rapih laki rabi
Eulis kudu nyamituhu
Kapanutan siang wengi
Kacaroge teh panutan, sumujud ku ati suci
Cegahan lampah ngarinah, tigin mupusti miasih

( ……………………………..instr…………………………………….)


7
Seserahan/ Seren sumeren

Pur ngempur ngempur
Kujang karancang kawani, Dilugas…..,
Dilugaskembang kaheman
Tutungkusan Pajajaran
Kujang, kemben mapasangan….
Ituh ……………………………
Istri : Deudeuh geulis sing satuhu
Sing satuhu salawasna ….. ieuh
Kemben saksina nyalampah
Nyalampah ingkar sorangan
Pameget: Kujang kemben mapasangan, Lambang atikan kaheman
Istri : Ayeuna rek disanggakeun
Kujang kemben tuturunan
Ditampi ku ibu ramana……..
( Pusaka kujang ditampi ku ibu sareng rama teras di selapkeun dina cangkeng panganten pameget.

……….gamelan digederkeun……….., terasna Pangkat lagu di handap)

3.3. Meuleum harupat
lagu:
Meuleum harupat kudu salapis
Tuh hurung ngempur, tah tangharaan
Ning wening sangli, ngebrak lir siang
Ruhay harupat ulah getas harupateun
Endog si jago, geus meupeus tineung
Mustika ati…………, seja ngasaan
Kendi sahiji….........., eusina cai
Ngambah paranti….., seja susuci
Imut malati…………, keletna antra
Imutna surti……….., dua ngahiji
Bray siang caang….., malati kimgkin
Kamustikaan………., ray sinanglingan…………………



Air dan bunga harum tujuh macam, perlambang dari sapta – patala di alam kabir dan 7 macam kenikmatan di alam sabir, dibasuhkan kepada kaki sang suami, agar kesejukan, kebeningan, kesucian, ketentraman dan kesetiaan sang istri tertanam hingga ke lubuk hati yang paling dalam.
Ini adalah langkah pengabdian seorang istri terhadap suami juga di harapkan setiap langkah harus di dasari oleh kebersihan hati dan kesucian jiwa.

MECAHKAN KENDI :
Kendi harus di pecahkan bersama – sama melambangkan bila dalam hidup nantinya mendapatkan suatu masalah, maka masalah itu harus dipecahkan bersama, cari jalan atau solusi yang terbaik.


3.4. Buka Pintu

Narasi : Rengse meuleum harupat, omat ulah getas harupateun. Salajengna mangga urang sami sami bandungan, buka pintu, anu terasna dipungkas ku huap lingkung.

Pameget : Sampurasun……… , sampurasun
Tok ……., tok…….. tok………..
Istri : Saha eta nu diluar
Kurang tata titi surti
Taya pisan bema krama
Pameget : Panutan eulis sajati, datang mawa kabagjaan
Istri : Palangsiang nyiliwuri, ngaku ngaku panutan
Inggis jalma mamalihan
Pameget : Teungteuingeun, duh enung bet luluasan
Istri : Panutan abdi mah aya, mung kiwari taya linggih
Ngipayahan rumah tangga
Gancang indit, geura nyingkah
Pameget : Tayohna euis kasmaran
Galindengna sora kakasih
Panutan anu bumela beubeulahan nyawa eulis
Panyileukan panyileukan, jungjunan nyalahir batin
Istri : Baeu sumangga nya lenggah
Upami panutan abdi
Ucapkeun heula sahadat
Tawisna nya iman islam
Ngangken papagon agama
Pameget : Mungguh Allah maha agung
Engkang ngangken ka mantena
Nyaksi Muhammad rasulullah
Istri : Bagja pisan duh panutan
Sembaheun nyasiang wengi
Bismillahirrohmanirrohim
Ashadu ala illaha ilallah, waashadu anna muhammad darasulullah

9
3.5. Huap Lingkung
HUAP LINGKUNG / SUAP – SUAPAN :
Huap lingkung terdiri dari dua kata yaitu : Huap artinya Suap, dan lingkung asal kata melingkung jadi saling menyuapi / suap – menyuap.
Huap lingkung menggambarkan suasana roman kebahagiaan dan ke akraban antara kedua keluarga mempelai.

RS : Ayang ayang gung , Gung gogongna rame
Menak galumbira , Restu pangantenan
Ayang ayang gung, Gung degungna ngungkung
Ngungkung lalaguan, Bari huap lingkung
Anu huap lingkung, kung silih talikung
Silih huapan, silih lewekan
Pameget : Hus……… entong geruh, Ruhay matak marah.
Rasiah panganten
RS : Huuuusss……………………tong, gareuwah
RS : Anu huap lingkung, Kung silih keletan,
Tan silih delekan, tanda nih asyik yeh…..
Pameget : Huuuuuus…………montong kitu, Tuh asyik asyikan
Eta mah rusiyeh………..
RS : Yang pangantenan……..
RS : Anu huap lingkung, kung silih betotan
Ping…..pingna ku pamegetna
Pameget : Hus………. entong geruh, Tong……... kabitaan
Urang…….. jeung urang
RS : Tanda kaera………

RS : Ayang ayang gung, Gung karia rame
Menak enak enak………
Urang galumbira………
(……………….. Instr………………… )

RS : Ayang ayang gung, gung na pangantenan
Pinuh kasukaan…………
Bagja mapasangan……..
Pameget : Hus……… entong geruh, Ruhay matak marah.
Rasiah panganten
Husssss ……………………….…tong gareuwah
RS : Anu huap lingkung, Kung silih keletan
Tan silih delekan
Tanda nich asyik yeah
( Instr…………………………………………………. )
RS : Seyang seyang…….. ngahariring
Seyang seyang…….. ngahaleuang
Ngungkung ……….. gumbira ngariung
Seyang ……………. seyang…………
Istri : Hiji waktu urang tepung, Kabungah geura gumulung
Nya didinya urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan……. Urang asa kaleumgitan….
Lagu tineung panungtungan, Asa dina pangimpian…….
(…………………..…….Instr ………………………… )
RS : Seyang seyang…….. ngahariring
Seyang seyang…….. ngahaleuang
Ngungkung ……….. gumbira ngariung
Seyang ……………. seyang…………
Pameget : Hiji waktu urang tepung, Kabeurat geura tumuwuh
Nya di dieu…. Urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan……… Urang asa kaleungitan
Rangkul tineung panungtungan, Asa dina pangimpian……….
RS : Seyang seyang…….. ngahariring
Seyang seyang…….. ngahaleuang
Ngungkung ……….. gumbira ngariung
Seyang ……………. seyang…………
Istri : Hiji waktu urang tepung, Kabungah geura gumulung
Nya didinya urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan……. Urang asa kaleumgitan
Lagu tineung panungtungan, Asa dina pangimpian…….
( ………………….Instr …………………… )
Teraskeun kana kebujiro 3X goong, kebojiro dilaunkeun mirig narasi/ sesepuh nyarios panutup upacara adat )
Narasi/ Sesepuh :
Tutug rahayu
Upacara pangantenan sakitu
Muga manjang na jajaran, dituturunan budaya sunda
(rangse sesepuh nyarios, kebojiro ditaekeun/ dicepetkeun luyu sareng kabutuh)
Saterasna mangga nyanggakeun hiburan dina lagu :
“Rayak rayak suka bumi” ti Lingkung Sni CAHAYA MEDAL Pingpinan
Abah Umun !!!

11



Upara Adat Panganten Sunda

Mapag Panganten (Menjemput Penganten)

1. Gamelan/ gending Kebo jiro
Mangrupa bewara keur balarea yen panganten anu lalaki tos bade dongkap, Saparantos dongkap, panganten sareng sadaya nu jajap diandeg/ ditahan dinalawang pamor.Teras si Lengser midang/ lumampah, di tuturkeun kupamayung, diiring ku para mojang/ mamayang, dikawal ku para ponggawa mapag panganten dilawang pamor

Narasi/ Sesepuh:

Demi mangsa !
Satemena hirup teh geus mapasangan ringkangna
Mungguh beurang jeung caangna,
Mungguh peuting jeung weningna
Mungguh lahir jeung batinna
Eusian ieu ringkang mapasangan ku amal kamulyaan
Saperti, kecap welas asih, jeung asihna
Langgeng abadi
Saperti pancen rabi ti Illahi
Habluminanas………….., insan jeung insana
Habluminallah…………., Insan ka Allahna

Pon kitu deui,
Dina ringkang kamanusaan
Upacara Adat Pengantin Sunda

Upacara adat sunda ieu sanes mangrupi upacara keagamaan, nanging, hiji ciri tanda nyata yen urang sunda / di tatar Pasundan teh ngabogaan hiji kabudayaan anu kacida luhur ajenna, tur ngandung siloka anu kacida pisan munel, aupami ku urang diguar/ disaliksik nepi ka bubuk leutikna tangtos seueur pisan mangfa’atna dina kahirupan urang sapopoena.
Cunduk waktu ninggang mangsa nitih wanci nu utami bapa, ibu miwah wargi wargi sadaya hayu urang bandungan upacara mapag panganten !
Mapag Panganten (Menjemput Penganten)
Mapang hartosna “neang”, / menyambut.
Panganten hatosna pengantin ( mempelai pria )
Janten Mapag Panganten teh pihartoseunana kirang langkung menjemput penganten, dalam hal ini tentu penganten yang dijemput ini penganten laki laki.
Disarengan kurasa bungah, bungangang, bungah amarwata suta, bungahna kagiri-giri. Bungah nu taya watesna bungah nu teu bisa digambarkeun kuendahna caritaan sok sanajan eta caritaan teh kenging ngareka para pujangga.
Cunduk waktu ninggang mangsa nu utama, Nitih wanci nu utami dimana urang geus cukup umur/ manjing dewasa, prak geura narikah, sok sanajan dina kaayaan walurat mungguh gusti Allah mah maha ununga, maha jembar kinasinana, gusti Allah bakal ngaganjar mangpirang pirang kabagjaan, ayeuna datang mangsana, Alhamdzulillah tuh geus deukeut, geus meumeut, tapel adam, tapel lahir, tapel batin, iraha deui hayu urang beungkeut di bale nyungcung/ dimasigit urang rapalan ( akad nikahna dimasjid).








Aya rasa duriat manjang
Mangsa ........tapel adam, tapel lahir, tapel batin !
Anteb rabi jatukrami.
Jung…………. geura nararikah !
Insan insan anu nyorangan jeung papada insan
Anu layak kararawin, ti insan papada insan
Anu lalaki jeung wanoja
Upamana manehna walurat…………..
Gusti Allah baris ngaganjar pirang pirang kabagjaan
Mantena Allah, nu maha jembar, kinasihannana
Mantena Allah, maha uninga, Aaaaaaaaaamin
( Teraskeun kana pangbagea )
2. Pangbagea ti ibu rama panganten istri ( ku narasi / sesepuh dipirig ku kacapi )

Nnarasi/ Sesepuh:
Bagja temen, mulya temen anakiiiiing
Nunuuuuun ………. Wilujeng rawuh
Dianti anti kamari, dilanglangan kaswimpangan
Ditalungtik kanu indit sugan geus ngembaran beja
Anu kasep satuhu, nuuuuuuun …… satuhu………
Dipapag antayan mojang, diibingan digendingan
disoran rampak tembang, haturan anaking
Aya asih ti sanubari



Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Upacara Adat Penganten Sunda adalah sebagai adat/ tradisi dari nenek moyang secara turun temurun khususnya di tanah Pasundan ( Jawa Barat). Tatar/ tanah Pasundan mempunyai budaya yang sangat tinggi nilainya, penuh dengan filsapat yang kalau kita gali tentu banyak sekali makna yang bermanfa’at sebagai tuntunan dalakehudupan kita sehari hari.
Dalam peristiwa yang sangat sakral dan penuh kebahagiaan ini merupakan satu kenangan indah bagi kedua mempelai yang tadinya mereka adalah sepasang remaja / pemuda-pemudi. Namun mereka pada saat ini telah menjadi pasangan suami- istri.
Detik-detik jam sudah berlalu, waktu bergulir terus kita semua sudah menyaksikan, apa yang terjadi ? saat ini telah terjadi ijab dan qobul yaitu:

Cep Doddy Stia Permana,S.Kom
Bin Lili Uliana,S.Pd Alm
dengan
Neng Yopanda Dwu Tiara
Binti .............................

Semuanya itu adalah atas Izin dan Ridho Allah SWT.

Semoga allah mencurahkan keberkahan untuk kalian dan menyatupadukan kalian berdua dalam segala kebaikan







Dipayungan payung tangtung
Sumangga anakiiiiiiing……… , geura ngalinjiiiiiiing………… !
Wuuuuuuuuuur ………..…….., kembang kaheman
Wuuuuuuuuuur …………..….., wangi kasturi
Wuuuuuuuuuur ……………...., malati asih
Wuuuuuuuuuur ……………...., Wuuuuuuuuuur……..,
Ahuuuuuuuung……………………………..
(.gamelan digederkeun)


Narasi/ Sesepuh biantara :
Deg… , Randeg di pangadeg !!!
Sawangan kahayang, geus narawangan
Didieu tutug rahayu, didieu gilig rabi
Wawanen ebreh
Umbul umbul nawaetu mancuh saestu
Warna warni pulasna, mareng jeung warnaning ati,
lir…., katumbiri
Tuh ……. paul diditu, ngebreh dina hate
Jungnunan….,
Hayu… ! urang geus deukeut, geus meumeut, tug kajucung
Hayu… ! dibale nyungcung, urang beungkeut ……..!!!
Bismillahirrohmannirrohim…………………..





















(Suling digelikeun 2X, Gamelan bareng digederkeun, ditema kacapi suling dina lagu……….. , si Lengser , di tuturkeun kupamayung, diiring ku para mamayang, dikawal ku para pongawa nyandak panganten sareng sadaya nu jajap dugi kapayuneun ibu rama panganten istri nu nuju ngantosan.
Lagu :
Aling aling sanubari
Alang alang nya kasmaran
Katedak mandawa ringkang
Ringkang tedak pangantenan
Mapayna manjang aleutan
Sinanglingan wawangian
Raksukanna karaseman
Panitan jang pangantenan
Reff :
Dipapag jajaran mojang
Diawuran wawangian
Haturan jeung pinilihan
Haturan salira engkang
Aleutan mojang pingitan
Nanggeuy baki sinanglingan
Eusina kancana heman
Kasima kapangantenan

Bapa,ibu sareng wargi wargi anu sami sumping ngaluuhan ieu upacara, tuh tingali si Lengser midang, payung tangtung lungsur, teu kakantun manjangna antayan mojang nangguy baki sinanglingan nu dieusian rupa rupa wawangian dijaga ku para ponggawa sangkan leupas tina bahaya, bilih aya siku si wulu wulu maung ngamuk gajah meta, eta tugasna para ponggawa anu tos siap samapta sapakarangna toh pati jiwa raga, ngajaga iring iringan panganten sareng sadaya nu ngiring jajap, ngaleut ngungkeuy ngabandaleut, ngembat ngembat nyatang pinang, kenca katuhueun umbul umbul warna warni narik ati,di lawang pamor amprok awor mapasangan antara nu tandang sareng nu nganti lir katumbiri.










Umbul umbul nawaetu
Warna warni narik ati
Kasajagat, kasantana
Kasima kapangantenan
Dipapag jajaran mojang
Diawuran wawangian
Haturan jeung pinilihan
Haturan salira engkang

( instrumen 2X gong, teras gamelan digederkeun )

3. Kalung kemben, seserahan, sawer panganten, meuleum harupat,
nincak endog, buka pintu, huap linkung sareng hiburan nana.

3.1. Kalung Kemben

Lagu :

Istri : Bagea wilujeng rawuh……Anaking sumangga lenggah
Pmg : Ulah kasmaran.…Mangga niatan...Ngambah tangga kabagjaan
Rs(Pa/Pi) : Manjing badi, manjing suci
Manjang gelar tuturunan
Mapasangan sauyunan
Welas asih salawasna






















Munggaran amparan lambak
Laun laun nyiram lambak
Ngabandaan keur budaya
Harta banda rumah tangga
Dalingding wangi malati
Nu rebak mayakpak bodas
Nu disaur ku duaan
Tuda keun kaduaan
Payung tangtung nawaetu
Kayuna garing rimbitan
Poma ulah kasamaran
Rasaan diri sorangan
Narasi/ Sesepuh :
Cag…. ringkang dilawang pamor, awor mapasangan.
Antara anu tandang jeung anu nganti
Cag….. garana heula ieu pangbagea
Riwayahna tampi kuasihna
Kalung kemben kaheman
(Panganten dicangcang ku kemben/ karembong (selendang ) teras dikongkorongan/ dikalungan ku untaian kembang malati oleh ibu
mertua, selesai dikalungi lalu penganten laki laki sungkem/ sembah sujud kepada kedua orangtua )































3.2. Sawer Panganten
( diiringi lagu Catrik sawilet 2X gong naek 2 wilet, saterusna ku Catrik 2 wilet)

Narasi/ Sesepuh :
Rengse upacara akad nikah sareng kalung kemben mangga urang teraskeun kana acara Sawer panganten, Meuleum harupat, Nincak endog, Buka pintu, huap linbkung sareng sajabina anu engkena diteraskeun kana acara hiburan.

RS : Jung…….. nanjung,
Jung ……..nanjung,
Jung ……..nanjung
Jung ……..nanjung
Mugi……..Gusti………nangtayungan.
(Instr teras digederkeun………………)

Narasi/ sesepuh ngarajah dilagukeun anu eusina mangrupa papatah/ wejangan keur kedua penganten dina enggoning ngambah sagara rumah tangga, sangkan ayem tengtrem pinanggih sareng kabagjaan didunya rawuh aherat.






Bapa, ibu sareng sadaya anu sami nyaseni, nu dianti anti ti kamari, dilang langan dikasimpangan, ditalungtik kanu indit, sugan tos ngembaran beja teh ayeuna tos aya dipayuneun urang sadaya anu dibageakeun ku saweran. ( ieu anu disebat “SAWER PANGANTEN”
Saweran/ taweuran yaitu perbatasan antara teras dengan halaman rumah atau tempat jatuhnya air hujan dari genteng, sebagai mana air hujan jatuh dari genteng orang sunda bilang “ ngawer “ yang berarti menghambur
Sawer pihartoseun nana tabur/ hambur
Naon bae anu diawurkeun/ disawerkeun teh ? Rupa – Rupa !
Beas silokana ………………
Beas koneng silokana …………….
Duit kirincing ……………………..
Jeung rea rea deui
Sawer panganten teh ngandung siloka, anu kirang langkung pihartoseunna nyaeta: wejangan husus untuk kedua mempelai dan umumnya untuk kita semua ! Isuk jaganing geto dimana urang hirup tos mapan, salieuk breh, bru dijuru bro dipanto, ngalayah ditengan imah omat ulah poho ka sasama sanes hartosna urang kedah ngahambur hambur harta kaka kakayaan ku jalan anu teu puguh/poya poya, naging hamburkanlah harta dan kekayaan itu di jalan Allah, yang bermanfa’at untuk kehidupan lahir batin, dunya aherat.









Lagu :
Pameget : Balungbung jalan rahayu, ngembat jalan ngararabi
Balungbung jalan rahayu, ngembat jalan ngararabi
Awalna nyatepung rasa, masket asih lahir batin
Dipatri ku akad nikah, tingtrim asih laki rabi

Istri : Hidep ginanjaran bagja
Tepung rabi jatuk rami
Nu ka ungkara carita
Natrat dina rumah tangga
Jimatna ngan welas asih
Antara hidep duaan
Poma ngali kana pawit
Eunteup teuteup tepung rasa
Dumeling asih mandiri
Ngancik asih pahang pati

Pameget :
Mungguh tuturus lumaku
Eunteungan diri pribadi
Lamun papanggih cocoba
Mangsana deukeut
Anggang wiwilangan





















Kudu meruhkeun ka nafsu
Poma masing nyasatuhu
Dipindingan iman islam
Jauhan sipat takabur
Nu ngancik ngan welas asih
Eta bebentengna rabi
Istri :
Ayeuna nya nawaetu
Kuasmana Illahi
Bismillahna jait janglar
Rahman rahim nu dipamrih
Ngambah hirup rumah tangga
Kenging rahmat ti hyang widi
Tumut ka papagah sepuh
Tawisna hidep mupusti
Kunci gedong kabajaan
Aya disepuh utami
Pundut mah anggur do’ana
Sangkan mulus laki rabi


































Pameget :
Hidep cunduk kana waktu
Boga kabeungbeurat ati
Nyatana bojo utama
Eulis pinilihan hate
Sing bisa mulasarana
Sangkan rapih laki rabi
Eulis kudu nyamituhu
Kapanutan siang wengi
Kacaroge teh panutan
Sumujud kuati suci
Cegahan lampah ngarinah
Tigin mupusti miasih
( instr…………………………………….)

Pur ngempur ngempur
Kujang karancang kawani,
Dilugas……., dilugas kembang kaheman
Tutungkusan pajajaran
Kujang kemben mapasangan….
Ituh ……………………………






















Seren Sumeren ( Seserahan )
Bapa ibu kalih wargi sadaya sakumaha anu ku urang kasakseni sareng anu disebat ku sesepuh tea. Kujang teh hiji pusaka, pusaka tuturuna Pajajaran, pusaka anu kacida pisan ampuh dina mangsa harita, kiwari ieu pusaka teh hiji siloka yen urang pasundan teh ngabogaan pamadegan anu panceg, aya paribasa “moal unggut kalinduan moal oyag ka anginan, moal gedag bulu salambar “ kitu deui dina enggoning ngambah sagara rumah tangga omat ulah arek kabawa ku sakaba kaba/ anu teu puguh. Kudu mancuh saestu panceg lempeng, nyekel papagon agama.
Istri :
Deudeuh geulis sing satuhu
Sing satuhu salawasna ….. ieuh
Kemben saksina nyalampah
Nyalampah ingkar sorangan
Pameget :
Kujang kemben mapasangan
Lambang atikan kaheman
Istri :
Ayeuna rek disanggakeun
Kujang kemben tuturunan
Ditampi ku ibu ramana……..
( ……………………….gamelan digederkeun ………………… )

3.3. Meuleum harupat
lagu:
Meuleum harupat kudu salapis
Tuh hurung ngempur, tah tangharaan
Ning wening sangli, ngebrak lir siang
Ruhay harupat ulah getas harupateun
Endog digedog, geus meupeus tineung
Mustika ati…………, seja ngasaan
Kendi sahiji….........., eusina cai
Ngambah paranti….., seja susuci













Meuleum harupat siloka dimana urang hirup kumbuh kudu bijaksana aya paribasa “ Landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali “ ulah rek getas harupateun.
Endog, ari endog teh sami sareng bibit. Rumah tangga teh lain heureuykeuneun/ kaulinan. Sing enya enya, urang rumah tangga kedah ngahasilkeun generasi penerus nu leres leres anu mangfaat kengo agama, bangsa sareng nagara, utamina keur dirina pribadi.

Imut malati…………, keletna antra
Imutna surti……….., dua ngahiji
Bray siang caang….., malati kimgkin
Kamustikaan………., ray sinanglingan…………………

3.4. Buka Pintu

Narasi : Rengse meuleum harupat mangga urang sami sami
bandungan buka pintu, anu terasna dipungkas ku huap
lingkung.
Pameget : Sampurasun……… , sampurasun
Tok ……., tok…….. tok………..
Istri : Saha eta nu diluar
Kurang tata titi surti
Taya pisan bema krama
Pameget : Panutan eulis sajati, datang mawa kabagjaan
Istri : Palangsiang nyiliwuri, ngaku ngaku panutan
Inggis jalma mamalihan
Pameget : Teungteuingeun, duh enung bet luluasan
Istri : Panutan abdi mah aya, mung kiwari taya lenggah
Ngipayahan rumah tangga
Gancang indit, geura nyingkah






Buka Pintu
Bapa ibu miwah wargi wargi sadaya mangga urang bandungan deui acara salajengna nyaeta buka pintu!
Buka pintu ieu husus wejangan kanggo panganten anu nembe nincak ambalan rumah tangga, dina enggoning ngambah sagara rumah tangga teh teu gampang, loba pisan gogoda sareng cocobana, teu saeutik jurig nu nyiliwuri omat sing ati ati utamina kanggo nu istri ulah gampang mukakeun lawang dimana panutan kakasih ati taya lenggah, hal ieu di pahing pisan. Geuning ku agama oge dipahing pisan, tong boro indit kaditu kadieu lumampah anu teu puguh, dalah sakalieun nu janten sepung teu damang oge teu dimeunangkeun urang ngalongok tanpa izin ti caroge, margi ari caroge teh panutan nu wajib dipunjung, dipuja didama dama.


Pameget : Tayohna euis kasmaran
Galindengna sora kakasih
Panutan anu bumela beubeulahan nyawa eulis
Panyileukan panyileukan, jungjunan nyalahir batin
Istri : Baeu sumangga nya lenggah
Upami panutan abdi
Ucapkeun heula sahadat
Tawisna nya iman islam
Ngangken papagon agama
Pameget : Mungguh Allah maha agung
Engkang ngangken ka mantena
Nyaksi Muhammad rasulullah
Istri : Bagja pisan duh panutan
Sembaheun nyasiang wengi
Bismillahirrohmanirrohim
Ashadu ala illaha ilallah, waashadu anna muhammad darasulullah
































3.5. Huap Lingkung
Lagu :
RS : Ayang ayang gung ,
Gung gogongna rame
Menak galumbira ,
Restu pangantenan

Ayang ayang gung,
Gung degungna ngungkung
Ngungkung lalaguan,
Bari huap lingkung
Pameget : Hus……… entong geruh,
Ruhay matak marah, rasiah panganten
RS : Yang Pangantena………………
Pameget : Huuuusss……………… gareuwah
RS : Anu huap lingkung,
Kung silih keletan,
Tan silih delekan…………
tanda nih asyik yeh…..
Pameget : Huuuuuus…………montong kitu,
Tuh asyik asyikan, eta mah rusiyeh……..
RS : Yang pangantenan……..





















RS : Anu huap lingkung, Kung silih keletan
Ping…..pingna ku pamegetna
Pameget : Huuuus………. entong geruh, Tong……... kabitaan
Urang…….. jeung urang
Tanda kaera………
RS : Ayang ayang gung, Gung karia rame
Menak enak enak……… Urang galumbira
(……………….. Instr………………… )

RS : Ayang ayang gung, gung na pangantenan
Pinuh kasukaan………… bagja mapasangan
Pameget : Huuus……… entong geruh, Ruhay matak marah.
Rasiah panganten
RS : Husssss…….…tong gareuwah .
RS :
Anu huap lingkung, Kung silih keletan
Ping…..pingna ku pamegatna
( Instr…………………………………………………. )


























RS : Seyang seyang…….. ngahariring
Seyang seyang…….. ngahaleuang
Ngungkung ……….. gumbira ngariung
Seyang ……………. seyang…………
Istri : Hiji waktu urang tepung, Kabungah geura gumulung
Nya didinya urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan……. Urang asa kaleumgitan….….
Lagu tineung panungtungan, Asa dina pangimpian…….
(…………………..…….Instr ………………………… )
RS : Seyang seyang…….. ngahariring
Seyang seyang…….. ngahaleuang
Ngungkung ……….. gumbira ngariung
Seyang ……………. seyang…………
Pameget : Hiji waktu urang tepung, Kabeurat geura tumuwuh
Nya di dieu…. Urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan urang asa kaleungitan
Rangkul tineung panungtungan, Asa dina pangimpian…
( ………………….Instr …………………… )
Istri : Hiji waktu urang tepung, Kabungah geura gumulung
Nya didinya urang lawung, Silih lubarkeun katineung
Mangsa pileuleuyan……. Urang asa kaleumgitan
Lagu tineung panungtungan, Asa dina pangimpian…….





















Teraskeun kana kebujiro 3X goong, kebojiro dilaunkeun mirig narasi/ sesepuh nyarios panutup upacara adat )
Narasi/ Sesepuh :
Tutug rahayu
Upacara pangantenan sakitu
Muga manjang na jajaran, dituturunan budaya sunda

(rangse sesepuh nyarios, kebojiro ditaekeun/ dicepetkeun luyu sareng
kabutuh) Saterasna mangga hiburan………………………!!!






































UPACARA ADAT SUNDA
NGADAHUPNA
CEP DODY STIA PERMANA ( AKONG ) BIN LILI ULIANA PERMANA
SARENG
NENG YOPANDA DWI TIARA ( PANDA ) BINTI PULAN
PING :26 JUNI 2008
DI
PALEMBANG

4 komentar: